Gusti Yesus nu endah, sajagat raya
Putra Allah nu lungsur, jadi manusa
Nu disembah diasih, ku sadayana
Gusti Yesus eta teh, Raja nu mulya.
Naon rupi damelna, di alam dunya
Rama nu di sawarga, pasti ngamakbul
Panggoda iblis, nu salamina bengis
Tunduk takluk teu daya, serah bongkokan.
Reff:
Endahna kebon, Dihias kekembangan,
Waasna gunung, Ditinggal katebihan,
Nu langkung endah, Asihna Gusti Yesus
Nu Endah Tumaninah, ngagumbirakeun.
Ngebrakna bulan, Nu nyaangan ti peuting,
Endahna bentang, Nu baranang di langit,
Nu langkung endah, Caangna Gusti Yesus,
Anu sumirat nyaangan jagat raya.
Tampilkan lebih sedikit